Rajah Gunung Bitung
Sampurasun
Amit ampun nun paralun
Ka Gusti Nu Maha Suci
Tegesna ka Allah SWT.
Ka ibu agung ka rama agung
Ka ibu nu ngandung
Ka rama nu nanggung
Urang sadaya hirup di alam dunya
Atuh teu hilap ka para karuhun
Nu aya di ieu gunung
Gunung Bitung nu agung
Agung tina caina agung tina kasuburanana
Sangkan hirup urang makmur salawasna
Di jajap ku rajah gunung bitung nu agung
Sangkan urang terus nangtung dina kamulyaan
Diaping ku sora suling, celempung jeung karinding
Suling nu ngajak nyaring
Celempung nu ngajak nangtung
Sarta karinding nu ngajak manjing
Dina amisna tanah titimangsa urang
Anu dicicingan ku jajaka sareng mojang di Tatar Galuh Ciamis
Paré nu asak ditutu dina LISUNG
Lisung nu jadi lingkung para abdi-abdi seni
Ti waktos kapungkur di ieu gunung
Dugi ka kiwari ngancik bihari ayeuna sampeureun jaga
Pun sampun...
Sampurasun karumuhun
Ka Sanghyang Batara Tunggal
Pun sampun...
Sampurasun karumuhun
Ka Sanghyang Demang Panglurah sareng Ratu Permana Dewi
Pun sampun...
Sampurasun karumuhun
Ka sanghyang Éyang Nangga Dirana, Nangga Diraksa
Nangga Dipuspa, Puspa Dinangga sareng Éyang Anas
Nu murba di ieu gunung jeung lembur
Pangauban seuweu-siwi
Nu gelar di Tatar Sunda
Mugia nyebarkeun kawangi
Kawangi di Rinduwangi nu sajati
Nu jadi émutan dina MADATI
Sangkan jadi madat jeung pangarti
Pikeun pamuda-pamudi sareng kulawargi
Mugia rahayu, rahayu, rahayu
Kersaning Gusti.... RAHAYU
(Windy K Pratama)

Copyright © Rinduwangi
Posting Komentar Facebook Disqus